PPT Bahasa Sunda SMT 2 (Novel)
January 23, 2017 | Author: Dilano Satria | Category: N/A
Short Description
Tugas presentasi bahasa sunda untuk materi novel...
Description
Materi Bahasa Sunda Maca Novel – SMT2
a. Pedaran Apresiasi Novel
MATERI BAHASA SUNDA
b. Pangarang Sunda jeung Novel Karyana
SMT 2 - NOVEL
c. Ngaresensi Buku Novel
A. Pedaran Apresiasi Novel 1. Wangenan Apresiasi Novel Apresiasi sastra nya èta kagiatan maca, nganalisis, ngararasakeun, nafsirkeun, jeung ngajèn karya sastra. Dina kagiatan apresiasi sastra aya prosès mèrè tinimbangan alus gorèngna karya sastra. Novel tèh karya rèkaan (fiksi) dina wangun prosa/lancaran. Umumna panjang, henteu pondok kawas carita pondok. Ku sabab panjang, galur caritana atawa plotna ngarancabang (loba). Ku kituna bisa midangkeun rupa-rupa tokoh (palaku, kajadian, sarta laluasa medar karakter masing-masing tokohna. Eusina ngindung kana kajadian sapopoè. Jadi henteu kawas dongèng, sanajan sarua fiksi, carita dina novel mah kaharti ku akal. Nilik kana wangenana bisa dicindekkeun 3 ciri-ciri novel: a. Wanguna prosa (fiksi) panjang, jauh leuwih panjang batan carpon. Keur ngagampangkeun, upama dicitak cukup keur sabukueun. Upama dibaca nepi ka tamat moal cukup ku satengah jam. b. Ku sabab panjang, tokohna loba sarta kajadian nu dicaritakeunana bisa rupa-rupa (ngarancabang) c. Jejer eusina nyaritakeun kahirupan sapopoè
2. Unsur Intrinsik Novel
• a. Tèma Tèma tèh mangrupa poko karangan nu ditepikeun ku pangarang dina hasil karyana. • b. Galur Ieu istilah mangrupa tarjamahan tina plot. Sakapeung mah sok pabeulit ngaartikeun plot jeung jalan carita. Sabenerna plot tèh lain jalan carita, sanajan antara plot jeung jalan carita henteu bisa dipisahkeun. • c. Palaku Bèda jeung palaku anu ngalalakon dina sastra buhun, palaku dina novel mah umumna manusa. Salaku pribadi, palaku anu ngalalakon miboga watek sewing-sèwangan. Demi watek anu ngancik dina diri palaku bisa dièbrèhkeun ku sababaraha cara. Kahiji, ku tingkah lacuna. Kadua, ku jalan pikiranana. Katilu, ku ucapanana anu dikedalkeun dina paguneman. Kaopat, ku gambaran wujudna. Kaima, ku gambaran langsung.
• d. Latar Ieu istilah tèh mangrupa tarjamahan tina setting, maksudna nuduhkeun waktu jeung tempat lumangsungna kajadian anu dicaritakeun. Lian ti latar anu nuduhkeun waktu jeung tempat lumangsungna kajadian anu dicaritakeun, ogè aya anu disebut latar kaayaan atawa latar suasana. Maksudna, nya èta latar anu ngèbrèhkeun kaayaan atawa kajadian anu karandapan ku palaku anu ngalalakon • e. Amanat Amanat naon waè anu dititipkeun ku pangarang ngaliwatan karyana.
C. Ngaresensi Buku Novel Ngaresensi buku kira-kira sarua jeung meunteun (ngajen) hiji buku. Biasana lain bae eusina, sanajan eta nu diutamakeun, tapi ngurung basana, cara/pola nulisna, malah ilustrasi jeung sisi artistik oge tara kaliwat diajen. Ngan umumna ngaresensi ngeunaan ilustrasi jeung artistik mah, ngan ukur saliwatsaliwat. Ngaresensi teh pagawean kritikus. Profesi anu teu eleh pentingna dibandingkeun jeung pangarang. Ku kituna kacida diperlukeunana. Hasil resensina bisa dipake panungtun, naha eta buku teh alus atawa goreng. Lamun alus lebah mana alusna, lamun aya kakurangan sisi mana kakuranganana. Ngritik atawa ngaresensi buku, tangtu bae henteu bisa sagawayah. Ngaresensi butuh modal kaweruh widang anu rek dikritikna. Kritikeus sastra kudu ngarti soal-soal sastra. Nya kitu deui mun urang rek ngaresensi buku ngeunaan basa, kudu paham heula kana soal-soal basa. A. Tujuan ngaresensi 1. Méré informasi atawa pamahaman anu komprehensif ngeunaan naon anu kasampak sarta kaungkab dina hiji buku. 2. Ngajak pamaca pikeun mikiran fenomena anu mecenghul dina hiji buku. 3. Méré tinimbangan naha buku éta pantes meunang pangbagéa ti masarakat atawa henteu. 4. Némbalan patarosan anu aya lamun hiji jalma nempo buku anu kakara medal.
B. Basa resensi Biasana singget, mundel, henteu panjang rubak (henteu ngalor ngidul), teges, tandas jeung metot. C. Kaleuwihan ngaresensi 1. Henteu bari. 2. Nambahan wawasan. 3. Meunangkeun kauntungan finansial. D. Unsur-unsur ngaresensi 1. Nyieun judul resensi Judul resensi anu metot henteu perlu ditetepkeun leuwih tiheula. judul bisa dijieun sanggeus ngaresensi réngsé. 2. Nyusun data buku a. Judul buku b. Pangarang c. Penerbit d. Warsih medal reujeung citakanana/citakan ka sabaraha e. Kandel buku f. Harga buku (lamun diperlukeun)
3. Bubuka resensi
4. Eusi resensi buku
a. Ngawanohkeun pengarang b. Ngabandingkeun jeung buku sajenis anu geus aya c. Ngadadarkeun unikna buku d. Ngungkapkeun kritik e. Ngungkapkeun gambaran bukuna f. Ngawanohkeun penerbit g. Ngusulkeun patarosan
a. Sinopsis atawa eusi buku sacara ngaruntuy b. Ulasan singget buku make kalimah sacukupna c. Kapinunjulan buku d. Kalemahan buku e. Rumusan carangka buku f. Langlangan basa g. Ayana kasalahan citak
5. Panutup resensi Eusina uraian ngeunaan buku éta penting pikeun saha.
E. Léngkah-léngkah ngaresensi buku 1. Buku nu rek diresensi baca heula sing taliti, alusna ulah ngan sakali. Naon, judulna, saha pangarangna, jeung penerbit naon nu medalkeunna. 2. Geus enya-enya katangkep eusina, timbang lebah mana unggulna jeung sabalikna. Naha aya nu aneh/istimewa atawa sabalikna. 3. Taliti basana, tata basa, istilah-istilah,ejahan, gaya basa, mun perlu nepi ka titik komana, utamana upama nu diresensina buku ngeunaan basa. 4. Pola nulisna, ngeunah henteu dibacana, karasa henteu rasa basana, jeung komunikatif atawa henteu.
5. Sakira dianggep penting, titenan ilustrasi jeung tata artistikna. Naha ilustrasina merenah atawa malah tojaiah, teu ka ditu ka dieu. Nya kitu deui tata artistikna, pangpangna hurup jeungmetakeunana, ngareunah henteu katenjona. 6. Upama tujuanana hayang mere gambaran lengkep ka nu maraca, ulah poho taliti jumlah kaca jeung hargana. 7. Sanggeus kitu kakara hasil pangajen urang ditulis. Inget, dina ngasongkeun pangajen kudu enya-enya obyektif.
Dilano Satria XI – IPA 3 Basa sunda (Novel)
View more...
Comments