Novel Bahasa Sunda (Deng)

October 29, 2018 | Author: Redd Drake | Category: N/A
Share Embed Donate


Short Description

Download Novel Bahasa Sunda (Deng)...

Description

ANALISIS UNSUR INTRINSIK NOVEL BAHASA SUNDA Judul : “Déng” Panulis: Godi Suwarna Tema : Pangorbanan, perjuangan, jeung konflik dina mertahankeun hak jeung mertahankeun hirup.

Tokoh :

A. Tokoh utama : 1. Si Ujang 2. Kang Asep 3. Indung si Ujang 4. Uyutna si Ujang 5. Kang Yuda 6. Nyi Ratih 7. Téh Déwi

B. Tokoh saliwatan : 1. Sang Kuriang 2. Nyai putri 3. Si Gajah 4. Si Kapuk (hayam pelung) 5. Si Renggé (hayam adu) 6. Si Juneng (hayam danten) 7. Si Uncal 8. Si Badak 9. Si Monyet

Watak : 1. Si ujang : 

Pangedulan : “Si Ujang kalah morongkol. Api -api -api tibra deui. Can haya ng cengkat” 

2. Ema Ujang : 

 Jiiiih, bolon maneh ge! Lalawora. Kumaha mun “ ‘  Hariwangan, nyaah pisan ka budakna : “ ‘  aya léléd samak? ’ Si Ema beuki melangeun” 

3. Kang Asep : 

Bageur, béréhan : “Si Akang bageur pisan. Nyaan. Sok ngajak ka kota. Ngadon jalan-

 j alan. alan. Lalajo bioskop..”  

Wani ngaritik/protes : “ ‘Batur nu baleungharna mah,Pa! Urang kota, pajabat, nu saripit.

Urang dieu mah ukur buburuh, ukur ngésangna..’ omong si Akang”  4. Kang Yuda : 

Licik, jahat : “Pan si Yuda anu maéhan bapa urang téh, Ujang! Baréto, basa manéhna  jeneng kénéh!” 

5. Uyut Ujang : 

Teu gampang putus asa : “cangker keneh pisan si Uyut mah. Jagjag, najan beungeutna

bangun rarengat, lalukutan kawas bau di tabet pasir Kinanti, najan buukna geus huis kabeh…” 

6. Nyi Ratih : 

Sasab/stress/teu eling : “Ni Ratih teu burung ngaleos. Giak naker. Ngahariring ka

tonggohkeun, dibatrean ku si Ujang. Keupat diigelkeun. Dangdak-dengdek. Bujur gede digutak-gitek..” 

Alur : Alur dinu carita “Déng” ieu téh nyaéta alur maju, sabab nyaritakeun runtuyan kajadian ti awal/mimiti

heula terus ka akhir.

Latar: A. Tempat 1. Di warung : “Bet kasarean di warung, geuning. Ngaringkuk dina korsi panjang”  2. Di sisi talaga : “Si Ujang teu nembalan, kalah tuluy rurat -rérét ka talaga”  3. Di imah : “Si Ujang ngélémés. Tuluy ngaléos ti tengah imah, papan balagbag ngarékét”  4. Di Paranje : “Sanggeus si Akang ngaleos, si Ujang ngoréléng deui di paranj é”  5. Di Makam : “Si Ujang cengkat bari gigisik. Rét kana tutunggul makam bapana.” 

6. Di Saung : “…bari nangkeup Nyi Ratih, kabawakeun, milu joged bari muntir, nguriling dina balagbag saung.” 

B. Waktu 1. Peuting : “Peuting nu gumiwang. Peuting nu tingtrim. Peuting nu ngahenang ngahening”  “Beda jeung buruan warung nu keur ngebrak ku patromak…..”  “Tingali. Bulanna meni saé kitu, nya, Jang?”  “Ba’d a Isa, si Ujang geus jelang-jéléng hareupeun warung, bulak-balik ti  buruan..” 

2. Isuk-isuk : “Hawa isuk seger naker karasana. Rét ka buruan warung”  3. Magrib : “Layung hurung di ponclot pasir Kinanti.”  “Salat magrib teu bisa husu. Daharna gé rurusuhan” 

4. Wanci maju ka reup-reupan : “Wanci maju ka reup-reupan. Sinar layung nu panungtung

ukur  ngempur di ponclot pasir Kinanti….” 

C. Suasana 1. Keueung : “Na atuh Téh Déwibet ngeyekyek tengah peutingna. Éta nénjo nu keur depa,

cenah. Nu boréléng”  2. Sedih : “Loba nu tahlilan téh. Tatanggana, babaturan si Akang ti Kota. Aya téh Déwi nu barintit” 

3. Ramé/heboh : “Nu ngaromong kawas balap. Galécok paheula-heula…” 

Amanat Amanat ti novel Deng teh nyaeta urang kudu ngajauhan hal-hal anu bisa nyilakakeun urang sorangan engkena, bahkan ngarugikeun batur. Urang oge kudu teguh kana pendirian, ulah gampang kapangaruhan ku batur, sarta ulah beunang di bobodo ku sasaha.

pada Déng, tokoh Ujang mengidentifikasi dirinya sebagai Sangkuriang. Ujang pun di kehidupan nyata mangsa kiwari mengalami gejala oedipus complex. Ia selalu bergetar hatinya jika melihat ibunya sendiri. Bertolak belakang dengan kebenciannya terhadap Pa Yuda -seorang mantan kuwu di era Orde Baru- yang selalu berusaha mendekati ibunya. Ujang m enganggap Pa Yuda sebagai seekor anjing hitam besar yang suatu hari pernah ia temukan. Pa Yuda tak lain merupakan "satu kesatuan" dengan si Tumang dalam dimensi ketika Ujang menjadi Sangkuriang. Dan ternyata di kemudian hari Ujang pun tahu bahwa antara keduanya memang pernah terjadi perselingkuhan. Hingga lahirlah dirinya, seorang anak yang tak direncanakan.

Anggota Kelompok : Fauzia F. Ghea Rigo P. Hafizun L.S. Irsyad M. Rd. Yuniar N.A. Rasyad A.A. Sofi P. Widianti P.A.

Kelas : XI IPA 1

Tahun Ajaran 2011 - 2012

View more...

Comments

Copyright ©2017 KUPDF Inc.
SUPPORT KUPDF